Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan Tuluy man hna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar man hna Hanjakal sanajan jeung dulur man hna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira Bakat ku teu kuat man hna minggat balik ka indungna babarengan jeung lanceukna saindung sabapa anu kar k sababaraha minggu nganjrek di dinya Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu aw w tapi boga adat sarua gor ngna ngan untungna salakina bageur Man hna dijieun bujang ku adi salaki lanceukna bari diajar maca jeung ngaji malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua Kungsi nepungan dulur dulur bapana di Singaparna ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah t a Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal hal nu matak ngarugikeun dirina sarta tar kah keur kamajuan hirupna ieu carita og ngadokum ntasikeun kahirupan budak rumaja kuli kontrak pasantr n pangumbahan endog jrrd di pilemburan Tanah Priangan hususna Sukabumi dina mangsa penjajahan Walanda ahir abad ka 19 jeung awal abad ka 20 Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan. Tuluy manéhna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar manéhna. Hanjakal sanajan jeung dulur, manéhna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira. Bakat ku teu kuat, manéhna minggat balik ka indungna ...babarengan jeung lanceukna saindung-sabapa anu karék sababaraha minggu nganjrek di dinya. Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu awéwé tapi boga adat sarua goréngna, ngan untungna salakina bageur. Manéhna dijieun bujang ku adi salaki-lanceukna bari diajar maca jeung ngaji, malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua. Kungsi nepungan dulur-dulur bapana di Singaparna, ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak, tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah téa. Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal-hal nu matak ngarugikeun dirina, sarta tarékah keur kamajuan hirupna, ieu carita ogé ngadokuméntasikeun kahirupan—budak, rumaja, kuli kontrak, pasantrén, pangumbahan endog, jrrd.—di pilemburan Tanah Priangan, hususna Sukabumi, dina mangsa penjajahan Walanda ahir abad ka-19 jeung awal abad ka-20.