Ngaliwatan carita carita dina Dirawu K long kumpulan pisodeu kahirupan sapopo Jang Udin anak Jurutulis d sa jeung babaturanana Ahmad Bakri m r atikan pangajaran jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara had tur akur jeung babaturanana jeung sajabana Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur umur jadi guru dina carita caritana henteu karasa mapatahan atawa ngaguruan Tapis dina nepikeun amanat ku obrolan antara Jang Udin jeung papada babaturanana jeung kolotna atawa jeung nu dipikolot Ieu buku lain ba had dibaca ku barudak tapi og ku kolot anu boga budak nu masih k n h sakola di SD jeung ku para guru deuih Ngaliwatan carita-carita dina Dirawu Kélong (kumpulan épisodeu kahirupan sapopoé Jang Udin, anak Jurutulis désa jeung babaturanana), Ahmad Bakri méré atikan, pangajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hadé tur ...akur jeung babaturanana, jeung sajabana. Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur-umur jadi guru, dina carita-caritana henteu karasa mapatahan atawa ngaguruan. Tapis dina nepikeun amanat ku obrolan antara Jang Udin jeung papada babaturanana, jeung kolotna atawa jeung nu dipikolot. Ieu buku lain baé hadé dibaca ku barudak, tapi ogé ku kolot anu boga budak nu masih kénéh sakola di SD, jeung ku para guru deuih.