Kumpulan carita pondok carpon Kanyaah Kolot ka rangan Karna Yudibrata sanajan ditulis taun 1960 an tur munggaran medal jadi buku taun 1985 dibaca deui taun 2014 topik jeung pasualan anu meulit dina diri tokoh tokoh na angger ngagurilap Le bah dieu unggulna sastra mun diban ding jeung tulisan wangun s j n komo berita tembus jaman Sakuma ha pada terang teu sakab h karya sastra sanggup nitih wanci ngalanglang jaman jeung guri lap na ngageterkeun rasa nitirkeun pikir Nu ngol ang siga kalakay tuluy ngaba la an pakarangan g teu saeutik Buah alaeun tina dalapan carita pondok nu aya dina Kanyaah Kolot t h kawilang leubeut Pangarang teu sakadar ancrub tapi teuleum ngubek leuwi kahirupan Pangarang teu sakadar ngulinkeun basa tapi nyaksrak ngabedah rasa Tina ngob t pasipatan manusa pangarang nembrakkeun pasualan anu kawilang universal anu nyampak dina diri ma nusa C c p BurdansyahKumpulan carita pondok (carpon) Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, sanajan ditulis taun 1960-an tur munggaran medal jadi buku taun 1985, dibaca deui taun 2014, topik jeung pasualan anu meulit dina diri tokoh-tokohna, angger ngagurilap. Lebah dieu unggulna sastra mun dibanding jeung tulisan wangun séjén, komo berita: tembus jaman. Sakumaha pada terang, ...teu sakabéh karya sastra sanggup nitih wanci ngalanglang jaman jeung gurilapna, ngageterkeun rasa nitirkeun pikir. Nu ngoléang siga kalakay tuluy ngabalaan pakarangan gé teu saeutik. Buah alaeun tina dalapan carita pondok nu aya dina Kanyaah Kolot téh kawilang leubeut. Pangarang teu sakadar ancrub, tapi teuleum ngubek leuwi kahirupan. Pangarang teu sakadar ngulinkeun basa, tapi nyaksrak ngabedah rasa. Tina ngobét pasipatan manusa, pangarang nembrakkeun pasualan anu kawilang universal anu nyampak dina diri manusa. Cécép Burdansyah