Kembang Beureum karangan Baron ss Emmuska Orczy 1865 1947 mangrupa salah sahiji roman anu r a dibaca lain ba di Inggris tapi di nagara nagara s j n deuih Ku sabab kacida popul r jeung matak pogot nu macana ieu buku ditarjamahkeun lain ba kana basa basa ropa tapi og kana basa basa Asia Dina basa Indon sia og geus aya sababaraha tarjamahan di antarana Pacar M rah Ari nu dijadikeun latar caritana r volusi Perancis waktu rahayat murba hudang ngarebut hakna ti raja anu sakama kama da nganggap nagara t h anuna pribadi apan kacapanganana g l tat cest moi nagara t h kami Rahayat murba anu ngamuk nguwak ngawik lain ba ngarorod raja nepi ka dipat ni dina guillotine tapi para m nak s j nna deuih Para m nak anu tadina milu curak curak sakarepna jeung raja ditarangkepan sarta diparabkeun ka guillotine Nya dina waktu kitu aya m nak Inggris anu ngadegkeun komplotan rasiah pikeun nulungan kaom m nak Perancis tina ancaman pati rahayat murba Nu jadi gegedugna mak ngaran samaran Scarlet Pimpernel Kembang Beureum dianggap sakti dum h bisa nyiliwuri dina waktu nulungan para m nak Perancis nu r k jadi korban Kembang Beureum karangan Baronéss Emmuska Orczy (1865-1947) mangrupa salah sahiji roman anu réa dibaca, lain baé di Inggris tapi di nagara-nagara séjén deuih. Ku sabab kacida populér jeung matak pogot nu macana, ieu buku ditarjamahkeun lain baé kana basa-basa Éropa, tapi ogé kana basa-basa Asia. Dina basa Indonésia ogé geus aya ...sababaraha tarjamahan, di antarana Pacar Mérah. Ari nu dijadikeun latar caritana révolusi Perancis, waktu rahayat murba hudang ngarebut hakna ti raja anu sakama-kama da nganggap nagara téh anuna pribadi, apan kacapanganana gé ”l’état cest moi” (nagara téh kami). Rahayat murba anu ngamuk nguwak-ngawik, lain baé ngarorod raja nepi ka dipaténi dina guillotine, tapi para ménak séjénna deuih. Para ménak anu tadina milu curak-curak sakarepna jeung raja, ditarangkepan sarta diparabkeun ka guillotine. Nya dina waktu kitu, aya ménak Inggris anu ngadegkeun komplotan rasiah pikeun nulungan kaom ménak Perancis tina ancaman pati rahayat murba. Nu jadi gegedugna maké ngaran samaran Scarlet Pimpernel (Kembang Beureum), dianggap sakti duméh bisa nyiliwuri dina waktu nulungan para ménak Perancis nu rék jadi korban.