Sabot papencrong pencrong manehna mapatkeun jampe pamere Ki Hulujurit Rampes nu kadeuleu Rampes nu kaambeu Rampes nu kadenge Amun dia eudeuk nganjang deuk ngaliwat milu reureuh Tapi amun dia lunta lugay alas sabab salah geura dia mulang Dia ngaton ka Guru Alas dia Amun dia ngabadigul di lampah dia nya kujang pikongkorongeun dia eujeung gobang pikarembongeun dia Hus Dikitukeun teh eta maung lodaya nu sakitu borongo ngongna ngarumpuyuk brek depa taya tangan pangawasa lir kapas ka ibunan Huluna kalah unggut unggutan peureum bari ngaletakan suku hareupna nu nyodor ka hareup Pamuluna pikarunyaeun pasrah rek dibeureum r k dihideung mikeun badan sakujurna Lempay Kami rek ngalalana mun dia sadrah sarua ngarasa kumelipna mun dia suka kami menta suku sinambungan titip lengkah sangkan kami teu rundag randeg ceuk manehna ku ati nu wening jeung pamulu nu b ar marahmay Sabot papencrong-pencrong, manehna mapatkeun jampe pamere Ki Hulujurit, ”Rampes nu kadeuleu! Rampes nu kaambeu! Rampes nu kadenge! Amun dia eudeuk nganjang deuk ngaliwat milu reureuh! Tapi, amun dia lunta lugay alas sabab salah, geura dia mulang! Dia ngaton ka Guru Alas dia! Amun dia ngabadigul di lampah dia, nya kujang pikongkorongeun ...dia, eujeung gobang pikarembongeun dia! Hus!” Dikitukeun teh eta maung lodaya nu sakitu borongo-ngongna, ngarumpuyuk, brek depa taya tangan pangawasa, lir kapas kaibunan! Huluna kalah unggut-unggutan, peureum bari ngaletakan suku hareupna nu nyodor ka hareup. Pamuluna pikarunyaeun, pasrah rek dibeureum rék dihideung, mikeun badan sakujurna. ”Lempay! Kami rek ngalalana, mun dia sadrah sarua ngarasa kumelipna, mun dia suka, kami menta suku sinambungan, titip lengkah sangkan kami teu rundag-randeg!” ceuk manehna ku ati nu wening jeung pamulu nu béar marahmay.