Alun alun munggah jempling Sar r a nungguan naon nu bakal kajadian Panon molotot sungut calawak sora ambekan tinghar gak marengan ratug angen tutunggulan Naha ari nu dilalajoanana bet siga hayang ngaheureuyan Lain geura prak masang jamparing Panangan palih kiwana henteu l sot tina gond wa sarta kalah r t ka luhur siga ngukur sakumaha jangkungna langit Sanggeus kitu kakara jamparing diperenahkeun Ti dinya mah belesur biur Kadia hujan badag dibarengan guludug pat ma t ma sakur nu lalajo henteu kaampeuh ngabe dahkeun galura hat na Teu sangka tapi taya nu teu bungah sa mbara beunang ku satria terah Ayodyapala Alun-alun munggah jempling. Saréréa nungguan naon nu bakal kajadian. Panon molotot, sungut calawak, sora ambekan tingharégak, marengan ratug angen tutunggulan. Naha ari nu dilalajoanana bet siga hayang ngaheureuyan. Lain geura prak masang jamparing. Panangan palih kiwana henteu lésot tina gondéwa, sarta kalah rét… ka luhur, siga ngukur sakumaha jangkungna langit. Sanggeus ...kitu kakara jamparing diperenahkeun. Ti dinya mah belesur… biur…. Kadia hujan badag, dibarengan guludug patéma-téma, sakur nu lalajo henteu kaampeuh ngabe-dahkeun galura haténa. Teu sangka, tapi taya nu teu bungah, saémbara beunang ku satria terah Ayodyapala.