Kareta kuda anu mawa sapuluh panumpang Si Demplon sarta salapan urang wawakil kaum borjuis Prancis nu minggat ti Rouen nu ditalukkeun ku tantara Prusia ka Le Havre ditahan di hiji panginepan di Desa Totes bari henteu dibere katerangan ngeunaan sabab musababna Kark sabada dua poe Si Demplon awewe bangor nu pangawakanana donto nyarita yen maranehna ditahan di eta panginepan teh nepi ka Si Demplon daek ngalayanan pangajak urang Prusia nu ngawasa eta tempat Sababaraha kali eta pamenta teh ditolak ku Si Demplon sabab manehna ngarasa masih boga keneh rasa nasionalismeu Tapi para panumpang sejenna mamaksa jeung ngayakinkeun manehna kalayan ngagunakeun rupa rupa logika jeung alesan moralitas ambeh nyumponan eta kahayang urang Prusia Ahirna Si Demplon leah Ngan hanjakal sapanjang sesa perjalanan batur batur sakareta nu tadina ngajujurung ka manehna the siga henteu aringeteun kana pangorbananana malah malik cua jeung ceuceub ka manehna Ieu carpon Si Demplon nu cukup panjang teh judul aslina Boule de Suif ku sawatara kritikus dianggap karya Guy de Maupassant nu panghadena Perang Prusia Prancis 1870 1871 memang mindeng jadi bahan jeung kasang tukang carpon carponna Munggaran dipublikasikeun taun 1880 dina kumpulan carpon Les Soirees de Medan Para sineas jeung pangarang drama di sababaraha nagara nyieun pilem jeung drama nu kailhaman ku carita Si Demplon Kareta kuda anu mawa sapuluh panumpang (Si Demplon sarta salapan urang wawakil kaum borjuis Prancis nu minggat ti Rouen, nu ditalukkeun ku tantara Prusia, ka Le Havre) ditahan di hiji panginepan di Desa Totes, bari henteu dibere katerangan ngeunaan sabab-musababna. Kark sabada dua poe, Si Demplon—awewe bangor nu pangawakanana donto—nyarita yen ...maranehna ditahan di eta panginepan teh nepi ka Si Demplon daek ngalayanan pangajak urang Prusia nu ngawasa eta tempat. Sababaraha kali eta pamenta teh ditolak ku Si Demplon, sabab manehna ngarasa masih boga keneh rasa nasionalismeu. Tapi, para panumpang sejenna mamaksa jeung ngayakinkeun manehna—kalayan ngagunakeun rupa-rupa logika jeung alesan moralitas—ambeh nyumponan eta kahayang urang Prusia. Ahirna, Si Demplon leah. Ngan hanjakal sapanjang sesa perjalanan, batur-batur sakareta—nu tadina ngajujurung ka manehna the—siga henteu aringeteun kana pangorbananana, malah malik cua jeung ceuceub ka manehna. Ieu carpon “Si Demplon” nu cukup panjang teh (judul aslina “Boule de Suif”), ku sawatara kritikus dianggap karya Guy de Maupassant nu panghadena. Perang Prusia-Prancis (1870-1871) memang mindeng jadi bahan jeung kasang tukang carpon-carponna. Munggaran dipublikasikeun taun 1880 dina kumpulan carpon Les Soirees de Medan. Para sineas jeung pangarang drama di sababaraha nagara nyieun pilem jeung drama nu kailhaman ku carita “Si Demplon”.