Sanggeus Abimanyu nyingkah Semar nggal nyaketan nu keur nganti nyieun pasemon nu seru isarah jeung nyarita y n geus lubar kapeurih anu ti payun ku pamundut pangampura nu t t la salah tadi Ngan sangkan ulah katohyan urang jurit lir nu ma n ka medi sarta hanteu panjang catur harita Lurah Semar nyieun aksi paguletan anu pupuh ngalawan dua Satriya pakupis bari jeung nakis Trusna ngahaja balangah Lurah Semar anu keuna ka kelid api api terus rubuh tatapi henteu lila tuluy cengkat sarta nong g ng dut muruput ka angseu dua Satria bareng pisan sami gaib Sanggeus Abimanyu nyingkah, Semar énggal nyaketan nu keur nganti, nyieun pasemon nu seru, isarah jeung nyarita yén geus lubar kapeurih anu ti payun, ku pamundut pangampura, nu tétéla salah tadi. Ngan sangkan ulah katohyan, urang jurit lir nu maén kamedi, sarta hanteu panjang catur, harita Lurah Semar, nyieun aksi paguletan anu pupuh, ...ngalawan dua Satriya, pakupis bari jeung nakis. Trusna ngahaja balangah, Lurah Semar anu keuna ka kelid, api-api terus rubuh, tatapi henteu lila, tuluy cengkat sarta nonggéng dut muruput, ka angseu dua Satria, bareng pisan sami gaib.