Wawacan Rengganis saduran Rad n H Abdussalam tina basa Jawa mangrupa salah sahiji v rsi tina siklus carita Amir Hamzah anu dina basa Jawa disebut Serat Menak da to koh utamana m nak Arab Amir Hamzah Caritana ngagambarkeun kah batan raja jeung perjurit Arab anu ngagem agama Islam ng l hkeun raja raja jeung perjurit kapir nu sang geus taluk jaradi muslim M nak Amir Hamzah dipe rangan terus ku mitohana Raja Nurs wan anu ari geus l h sok minangsaraya ka raja raja kapir lianna pikeun merangan minantuna tapi salila na l h sabab M nak Amir Hamzah diban tuan ku kapilanceukna Umarmaya nu digjaya ku lantaran boga kantong sakti Wawacan Rengganis, saduran Radén H. Abdussalam tina basa Jawa, mangrupa salah sahiji vérsi tina siklus carita Amir Hamzah, anu dina basa Jawa disebut Serat Menak, da tokoh utamana ménak Arab, Amir Hamzah. Caritana ngagambarkeun kahébatan raja jeung perjurit Arab anu ngagem agama Islam ngéléhkeun raja-raja jeung perjurit kapir nu sanggeus taluk jaradi ...muslim. Ménak Amir Hamzah diperangan terus ku mitohana, Raja Nurséwan, anu ari geus éléh sok minangsaraya ka raja-raja kapir lianna pikeun merangan minantuna—tapi salilana éléh, sabab Ménak Amir Hamzah dibantuan ku kapilanceukna, Umarmaya nu digjaya ku lantaran boga kantong sakti.