Pamanahrasa nurut bari usad esod diukna ngeser ka palebah amparan gigireun Syeh Ahmad Luk tungkul murungkut jiga kuuk Santri santri nu geus rengse daharna loba nu kalaluar ti jero masjid Nu kamerekaan gura giru muru walungan Di jero masjid katempo rada corengcang Nyai Subanglarang imeut nalingakeun lalaki anyar pinanggih nu diuk gigireun Syeh Ahmad Sabot kitu Pamanahrasa nyengkatkeun tungkulna Prok paadu teuteup jeung Nyai Subanglarang Seblak Aya nu nyeblak na angen angen Nyai Subanglarang bareng jeung nyeblakna Pamanahrasa Pamanahrasa nurut, bari usad-esod, diukna ngeser ka palebah amparan gigireun Syeh Ahmad. Luk tungkul murungkut jiga kuuk. Santri-santri nu geus rengse daharna, loba nu kalaluar ti jero masjid. Nu kamerekaan, gura-giru muru walungan. Di jero masjid katempo rada corengcang. Nyai Subanglarang imeut nalingakeun lalaki anyar pinanggih nu diuk gigireun Syeh Ahmad. Sabot kitu, ...Pamanahrasa nyengkatkeun tungkulna. Prok paadu teuteup jeung Nyai Subanglarang. Seblak! Aya nu nyeblak na angen-angen Nyai Subanglarang, bareng jeung nyeblakna Pamanahrasa.