Wawacan Panji Wulung t h salah sahiji wawacan anu pangpopul rna lain ba di kalangan urang Sunda tapi og di luar eun ana ta wawacan nu dikarang ku Rad n Haji Muhammad Musa 1822 1886 t h kungsi disalin kana basa Jawa ku Pang ran Adipati Arya Mangkunegara IV ti dinya disalin deui kana basa Madura Atuh dina basa Sunda ta buku t h dicitakna mangkali kali boh dina aksara Jawa Sunda boh dina aksara Lat n Nya dina raraga ngaleungitkeun kapercayaan kana tahayul jeung melakkeun moral utama nu matak salamet dina hirup R H Mu hammad Musa nganggit Wawacan Panji Wulung B da tina wawacan wawacan lianna anu pinuh ku rupa rupa kasaktian anu arah ng dina Wawacan Panji Wulung mah dibol k rkeun pisan y n dukun anu majar sakti t h saenyana mah sailon jeung pawarang raja anu mitenahkeun selir kakasih sang raja nu harita keur ngandeg ta dukun ahirna maot ku Panji Wulung budak anu lahir tina kan dungan selir nu teu tuah teu dosa tur ditibanan hukuman pati ku raja tapi disal gorkeun ku patihna nepi ka salamet ngalahirkeun sarta tuluy budakna dirorok nepi ka jadi satria pinilih Wawacan Panji Wulung téh salah sahiji wawacan anu pangpopulérna, lain baé di kalangan urang Sunda, tapi ogé di luareunana. Éta wawacan nu dikarang ku Radén Haji Muhammad Musa (1822-1886) téh kungsi disalin kana basa Jawa ku Pangéran Adipati Arya Mangkunegara IV, ti dinya disalin deui kana basa Madura. Atuh dina basa ...Sunda, éta buku téh dicitakna mangkali-kali, boh dina aksara Jawa-Sunda boh dina aksara Latén. Nya dina raraga ngaleungitkeun kapercayaan kana tahayul jeung melakkeun moral ”utama” nu matak salamet dina hirup, R.H. Muhammad Musa nganggit Wawacan Panji Wulung. Béda tina wawacan-wawacan lianna anu pinuh ku rupa-rupa kasaktian anu arahéng, dina Wawacan Panji Wulung mah, dibolékérkeun pisan yén dukun anu majar sakti téh, saenyana mah sailon jeung pawarang raja anu mitenahkeun selir kakasih sang raja nu harita keur ngandeg. Éta dukun ahirna maot ku Panji Wulung, budak anu lahir tina kandungan selir nu teu tuah teu dosa tur ditibanan hukuman pati ku raja, tapi disalégorkeun ku patihna nepi ka salamet ngalahirkeun sarta tuluy budakna dirorok, nepi ka jadi satria pinilih.